Sunda

Jaman baheula, di sabudeureun Jatiluhur masih kénéh loba leuweung geledegan. Ari nu ngageugeuh di éta leuweung katut gunung-gunung di sabudeureunana, hiji lelembut titisan siluman jaman Sangkuriang. Ngaranna Jonggrang Kalapitung. Awakna jangkung badag tanding gunung. Kulitna hideung lestreng. Bulu kumis jeung janggotna sagedé-gedé tambang injuk. Buukna gimbal, kakara oyag lamun katebak angin baliung. Éstu pikagilaeun jeung pikasieuneun pisan. Mun ngomong, sorana handaruan tanding gugur. Hésé ngabédakeunana, naha keur leuleuy atawa keur ambek. Hiji mangsa, Jonggrang Kalapitung hayang nguseup di Walungan Citarum, lantaran hayang ngadahar beuleum lauk. Sanggeus ngahuleng sakedapan, taya deui carana iwal ti kudu ménta tulung ka urang lembur nu aya di sisi Walungan Citarum nya éta Lembur Cisarua. Barang nepi ka tungtung lembur, tuluy hohoak ngageroan ka urang dinya. “Héy, urang lembur, ka darieu, euy!” sorana handaruan. Ngadéngé panggero Jonggrang Kalapitung, teu sirikna sapangeusi lembur tamplok nyalampeurkeun. “Aya pikersaeun naon Juragan ngempelkeun abdi di dieu? Abdi sadaya sayogi upami juragan aya kapalay,” ceuk kokolot lembur. “Ha..ha..ha..ha, hadé, hadé. Tapi ulah nyebut juragan, euy! Uing mah hayang disebut Aa!” ceuk Jonggrang Kalapitung gumasép bari muril-muril kumisna anu sagedé catang kalapa. Barabat atuh manéhna nyaritakeun kahayangna. Hayang nguseup di Walungan Citarum. Anu matak rék ménta tulung ka urang lembur, pangnyieunkeun useup anu gedé, talina anu gedé, sakalian jeung eupanna deuih. Paménta Jonggrang Kalapitung ditedunan ku urang lembur. Terus baé digarawé babarengan, nyieun useup raksasa. Sanggeus sawatara bulan kakara anggeus, tuluy disanggakeun ka Jonggrang Kalapitung. “Alus, nuhun, euy. Alus pagawéan téh, kapaké ku Aa mah. Ari eupanna aya?” ceuk Jonggrang Kalapitung bari ngilikan useup jeung talina. “Aya, ieu hulu munding.” Hulu munding dicomot, tuluy dilelepkeun kana useup. Lung baé dialungkeun ka Walungan Citarum, lebah leuwi nu pangjerona. Jonggrang Kalapitung nguseup bari dilalajoanan ku sakabéh pangeusi lembur. Nangtungna ngajégang. Sukuna nu sabeulah nincak gunung, ari nu sabeulah deui napak kana tangkal bungur anu kacida gedéna. Salila sabulan manéhna ngajega kitu; nepi ka gunung anu ditincakna jadi bongkok sarta tangkal bungurna ampir paéh anu ku urang dinya mah disebut “sarang”. Anu matak nepi ka ayeuna gunung téh nelah baé Gunung Bongkok. Ari urut tangkal bungurna jadi pilemburan anu nelah Lembur Bungursarang, bawahan Desa Cisarua, Jatiluhur. Dina poé kaopat puluh, useup téh oyag-oyagan. Gancang baé atuh ku Jonggrang Kalapitung téh dicentok sataker tanaga. Ku lantaran lepas teuing nyentokna, useup téh ngacleng jauh pisan ka tukangeunana. Dibetot hésé. Ari pék ngait kana leuweung haur. Ku Jonggrang Kalapitung dibetot sataker tanaga, nepi ka sakabéh haur di dinya kapangkas, tapakna jadi papak lir anu beunang ngararata. Nu matak nepi ka ayeuna di dinya mah tara aya haur anu jangkung sosoranganan. Upama kabeneran aya ogé, sok peunggas, jadi papak jeung nu séjénna. Nepi ka kiwari éta leuweung téh katelah ngaranna Leuweung Haurpapak. Jonggrang Kalapitung panasaran, lauk naon anu nyanggut téh? Barang diilikan, singhoréng ukur lauk jelér. Asup kana ceuli hulu munding anu geus jadi tangkorék. Lantaran keuheul, éta jelér téh dibalangkeun, nya ragrag di Lembur Cilélé, Désa Cisarua, Jatiluhur. Tah, tempat ragragna jelér téh jadi émpang, anu nepi ka ayeuna ku urang Cisarua mah disarebut Kubang. Ku lantaran teu meunang lauk gedé, lila-lila Jonggrang Kalapitung téh lapar. Karepna rék ménta tulung ka urang lembur, tapi geus euweuh saurang-urang acan, lantaran kalabur sarieuneun nénjo Jonggrang Kalapitung ambek-ambekan. Nu aya téh ngan tangkal jéngkol. Kabeneran deuih buahna meuhpeuy leubeut. Henteu talangké, jéngkol téh dipupu, tuluy dikeremus sacanggeum-sacanggeum. Na atuh barang rék kiih bet ngarasa nyeri. Singhoréng Jonggrang Kalapitung téh jéngkoleun. Manéhna gulang-guling bari gagauran nahan kanyeri. Tuluy baé ngucapkeun supata, “Héy, tangkal jéngkol atah warah! Sia geus ngalantarankeun aing nyeri kiih! Ayeuna ku aing rék ditumpurkeun! Nepi ka iraha baé ogé, di daérah ieu tangkal jéngkol moal bisa jadi!” Ceuk ujaring carita, sanggeus kajadian kitu mah Jonggrang Kalapitung téh leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana. Ngan nepi ka ayeuna di wewengkon Cisarua mah teu kungsi aya tangkal jéngkol anu bisa jadi, cenah lantaran disupata ku Jonggrang Kalapitung.***

Indonesia

Dulu, di sekitar Jatiluhur masih banyak hutan hujan tropis. Hari ini dirayakan di hutan dan pegunungan sekitarnya, setetes lembut dari era Sangkuriang. Namanya Jonggrang Kalapitung. Tubuhnya tinggi dibandingkan pegunungan. Kulitnya benar-benar hitam. Kumis dan jenggotnya sama besarnya dengan milikku. Rambut gimbal, hanya bergetar saat Anda menebak angin puyuh. Benar-benar menakutkan dan menakutkan. Artinya, suara kasur jatuh. Sulit untuk membedakan antara malas dan marah. Suatu musim, Jonggrang Kalapitung ingin berenang di Sungai Citarum, karena ingin makan ikan menyelam. Setelah jeda sejenak, tidak ada cara lain kecuali harus meminta bantuan kepada para lembur masyarakat yang berada di pinggir Sungai Citarum yaitu Lembur Cisarua. Barang-barang sampai akhir lembur, lalu hohoak berteriak pada kami di sana. "Hei, kita lembur, dari sini, baru!" sorana handaruan. Mendengar seruan Jonggrang Kalapitung, ia pun tak iri dengan adegan lembur. “Ingin tahu apa yang Tuan taruh aku di sini? Saya semua siap jika majikan bosan, ”kata sesepuh lembur itu. “Ha..ha..ha..ha, lebih baik, lebih baik. Tapi jangan menyebut bos, cukup! Aku ingin dipanggil Aa! ” Jonggrang Kalapitung berkata sambil tersenyum sedangkan muris-muril kumisna itu sebesar ranting kelapa.Barabat mengatakan keinginannya. Ingin menyedot di Sungai Citarum. Mereka yang ingin meminta bantuan kami lembur, menyapu besar, tali besar, kadang-kadang dan memberi makan lagi. Permintaan Jonggrang Kalapitung dipenuhi oleh lembur. Lalu dia bekerja sama, membuat seteguk besar. Selang beberapa bulan barulah disinyalir ke Jonggrang Kalapitung. “Baik, terima kasih, baru saja. Kerja bagus itu, berguna oleh Aa saya. Apakah ada makanan? ” Ucap Jonggrang Kalapitung sambil menahan hisap dan strap. "Nah, ini adalah kepala munding." Pertandingan atas menampilkan dua cutaway, untuk akses yang lebih mudah ke fret yang lebih tinggi. Paru-paru dia terlempar ke Sungai Citarum, lebah melewati kedalaman. Jonggrang Kalapitung tersedot disaksikan oleh semua pekerja lembur. Berdiri tegak. Sayap pedang itu menaiki gunung, dan sayap pedang itu mendarat di pohon bungur yang sangat besar. Selama sebulan dia merawatnya; ke gunung yang diinjak menjadi punuk dan pohon maut hampir mati yang oleh orang-orang disana saya sebut "sarang". Yang dibayangkan sampai sekarang gunung tersebut adalah nelah orang Gunung Bongkok. Hari bekas pohon bungurna menjadi pelemburan yang nelah Lembur Bungursarang, bawahan Desa Cisarua, Jatiluhur. Pada hari keempat puluh, hisap diguncang.Dengan cepat orang yang saya lakukan dengan Jonggrang Kalapitung dipotong sebagai kekuatan. Karena penyerapan yang berlebihan, isapnya sangat bengkok jauh di belakang. Dibetot sulit. Ari mematuk menempel di hutan haur. Oleh Jonggrang Kalapitung menarik tenaga sataker, sampai semua haur di dalamnya terpangkas, jejak kaki menjadi lir bawang putih yang dibiarkan rata. Yang, tentu saja, membuat video itu menjadi sensasi dalam semalam. Jika keberuntungan juga ada, selalu unggas, bawang putih dan lainnya. Hingga saat ini hutan tersebut dikenal dengan nama Hutan Haurpapak. Jonggrang Kalapitung penasaran, ikan apa yang anda tanggung? Barang yang dimilikinya, singhoreng hanya ubur-ubur. Masukkan ke dalam telinga kepala munding yang telah menjadi tengkorak. Karena ketidaknyamanannya, jeli dibuang, jatuh di Lembur Cilélé, Desa Cisarua, Jatiluhur. Jadi tempat ragragna jelernya begitu empang yang sampai sekarang oleh masyarakat Cisarua I merebut Kubang. Karena tidak mendapat ikan besar, lama-lama Jonggrang Kalapitung lapar. Dia mau minta tolong kami lembur, tapi belum ada, karena mata-mata investasi sarieuneun Jonggrang Kalapitung marah. Bahwa hanya ada sebatang pohon yang merentang. Untung buahnya masih segar.Belum lagi, siku ditekuk, lalu digosok. Dan saya melakukan hal-hal yang ingin Anda buang air kecil dan merasa sakit. Singhoreng Jonggrang Kalapitung berlutut. Dia berguling sambil diaduk untuk menahan kanker. Kemudian dia bersumpah, “Hei, pohon laba-laba mentah! Tidak ada yang membuatku sakit! Sekarang saya ingin dinonaktifkan! Sampai saat itu, di daerah ini pohon tidak bisa tumbuh! ” Ia menceritakan, setelah kejadian tersebut, Jonggrang Kalapitung hilang tanpa sebab, hilang tanpa sebab. Cuma sampai sekarang di kawasan Cisarua belum pernah ada pohon yang bisa, katanya, karena dijanjikan oleh Jonggrang Kalapitung. ***

TerjemahanSunda.com | Bagaimana cara menggunakan terjemahan teks Sunda-Indonesia?

Semua terjemahan yang dibuat di dalam TerjemahanSunda.com disimpan ke dalam database. Data-data yang telah direkam di dalam database akan diposting di situs web secara terbuka dan anonim. Oleh sebab itu, kami mengingatkan Anda untuk tidak memasukkan informasi dan data pribadi ke dalam system translasi terjemahansunda.com. anda dapat menemukan Konten yang berupa bahasa gaul, kata-kata tidak senonoh, hal-hal berbau seks, dan hal serupa lainnya di dalam system translasi yang disebabkan oleh riwayat translasi dari pengguna lainnya. Dikarenakan hasil terjemahan yang dibuat oleh system translasi terjemahansunda.com bisa jadi tidak sesuai pada beberapa orang dari segala usia dan pandangan Kami menyarankan agar Anda tidak menggunakan situs web kami dalam situasi yang tidak nyaman. Jika pada saat anda melakukan penerjemahan Anda menemukan isi terjemahan Anda termasuk kedalam hak cipta, atau bersifat penghinaan, maupun sesuatu yang bersifat serupa, Anda dapat menghubungi kami di →"Kontak"


Kebijakan Privasi

Vendor pihak ketiga, termasuk Google, menggunakan cookie untuk menayangkan iklan berdasarkan kunjungan sebelumnya yang dilakukan pengguna ke situs web Anda atau situs web lain. Penggunaan cookie iklan oleh Google memungkinkan Google dan mitranya untuk menayangkan iklan kepada pengguna Anda berdasarkan kunjungan mereka ke situs Anda dan/atau situs lain di Internet. Pengguna dapat menyisih dari iklan hasil personalisasi dengan mengunjungi Setelan Iklan. (Atau, Anda dapat mengarahkan pengguna untuk menyisih dari penggunaan cookie vendor pihak ketiga untuk iklan hasil personalisasi dengan mengunjungi www.aboutads.info.)