Sunda

Carita Pondok Uing Carita pondok beunang jisim uing jeung parapangarang sejenna Kamis, 24 Juli 2008 SI UJANG HAYANG KA KEBON BINATANG "Din, isukan moal ka mamana?" "Badé naon kitu, Pa?" "Urang ka Taman Safari. Itu barudak cenah hayang ulin ka Taman Safari." "Aduh, kumaha nya. Saleresna mah énjing téh abdi ogé badé ka Kebon Binatang sareng pun anak." "Ka mana?" "Muhun ka Kebon Binatang." "Lah, atuh ka Kebon Binatang mah bisa engké deui da deukeut ieuh," ceuk dunungan. "Jeung deuih, meungpeung aya waktu wé Bapana. Minggu hareup mah apan rapat rutin ka Jakarta, Minggu hareupna deui, atuh barudakna ogé geus baralik, geus arasup deui sakolana. Kumaha, Din?" Lamun geus kitu, taya pilihan deui pikeun kuring, iwal ti nyebut "mangga". Sabab anu ngaranna paménta dunungan téa, pikeun jalma modél kuring mah, ajénna sarua jeung paréntah. "Heueuh, sukur wé atuh ari bisa mah," ceuk dunungan, terus asup ka jero imah, ninggalkeun kuring anu terus diuk ngahuleng dina jok urut gigireun garasi. Ras ka Si Ujang, anak sorangan hiji-hijina. Méh unggal waktu ngarenghik ngurihit hayang ka Kebon Binatang. Ceuk pamajikan, cenah kapanasan ku Jang Iman, anak tatangga, anu Minggu kamari dibawa ka Kebon Binatang ku bapana. Terus ngagul-ngagul pangalamanana salila di Kebon Binatang. Tayohna mah Si Ujang téh kabita. Da mani jigrah atuh basa dijangjian rék dibawa ka Kebon Binatang poé Minggu téh. Ceuk pamajikan, teu sirikna dibéja-béja ka unggal hulu yén, "Ujang badé ka Kebon Binatang sareng Apa Ujang.” Ceuk pamajikan kénéh, Si Ujang jadi remen nananyakeun poé Minggu. "Ari Minggu téh iraha, Ma?" Kétang, soal éta mah tadi ogé isuk-isuk nanyakeun ka kuring, "Pa, Minggu téh énjing nya?" Enya, isukan poé Minggu téh. Sakuduna mah nedunan paménta Si Ujang nu hayang ka Kebon Binatang; hayang nempo gajah, singa, maung, uncal, jeung monyét. Samarukna eusi Kebon Binatang téh ngan sakitu, da ngan sakitu apalna meureun. Kacipta tetelepékna wé engké di Kebon Binatang, nanyakeun sasaton, anu bisa jadi kakara nénjo harita manéhna mah. Budak umur lima taun jalan téa atuh keur meumeujeuhna célémbéng. "Mang Udin, bésok téh jadi ka Taman Safari?" ceuk Néng Wida incu dunungan. Kuring unggeuk. "Asiiik ...," ceuk budak téh bari asup ka imah. Torojol incu-incu dunungan nu séjén, tiluan, nanyakeun hal anu satua. Kuring unggeuk deui. Katémbong jaligrah. "Kadé ulah poho Din, isukan téh urang isuk-isuk wé ti dieuna, ambéh salsé di dituna," ceuk dunungan awéwé. "Pariksa heula mobilna, bawa ka béngkél. Ayeuna asupkeun, engké soré bawa deui," ceuk dunungan lalaki. Kuring ngahaminan "Mun aya nu kudu diganti, ganti wé, asupkeun kana bon kantor nya.” Datang ka imah teh geus soré. "Geuning sonten?" pamajikan nanya. "Ka béngkél heula, ngoméan mobil," témbal kuring bari ngodok saku, nyokot duit gajih, saratus salawé rébu pérak sanggeus dicocéng tipa-rupa potongan, gajih supir. Ditampanan ku pamajikan, katémbong paromanna marahmay. "Cekap nya Pa lima puluh rébu ogé ka Kebon Binatang mah," pokna. "Ongkos pulang-pergi lima rébu, karcis dua rébu, jajan budak wé di ditu, moal dugi ka salawé rébu. Cekap lah. Sésana kanggo mayar sambetan ka Ceu Euis, teras mayar arisan RT. Ah, mung ngaliwat wungkul gajih sasih ieu mah Pa," ceuk pamajikan deui, teu riuk-riuk ari paromanna mah. "Moal jadi ka Kebon Binatangna ogé," ceuk kuring, halon. "Naha?" pamajikan ngajénghok, mencrong kana beungeut kuring. "Kudu nganteur Bapa ka Taman Safari." "Ka mana?" "Ka Taman Safari." "Badé naon ka Taman Safari?" "Biasa wé nganteur Enéng-enéng sareng Encép-encép, paraputu Juragan palay amengan." Pamajikan ngahuleng. Antukna paheneng-heneng, sarua hanjeluna. "Padahal ceuk urang mah nya, ngajakan-ngajakan atuh ka Si Ujang," ceuk pamajikan semu humandeuar. Kuring asa kagebah. Enya, bener, naha atuh henteu ngajak-ngajak ka Si Ujang? Padahal, boh ka Taman Safari boh ka Kebon Binatang, sarua baé dina seuhseuhanana mah: hayang nénjo sasatoan. Atawa Si Ujang mah anak supir kitu? Humayua, anak supir hayang milu¬-milu ilubiung sukan-sukan jeung incu dunungan. Atawa kuringna baé kitu anu henteu ngusulkeun sangkan mawa Si Ujang? Ah, teu kabayang dina ditolakna. Inggis ku bisi rempan ku basa. Der jadi nambah-nambah pipanyakiteun. Hal éta dicaritakeun ka pamajikan, pamajikan ukur ngeluk. "Muhun kumaha atuh, abdi mah karunya ka Si Ujang upami énjing teu janten téh," pokna. "Geus wé atuh isukan di dinya indit, menta dianteur ka batur." "Muhun ka saha atuh? Da panginten kedah ngongkosan, sareng deui abdi mah sieun nyasab." "Salegana ogé Bandung atuh, maké jeung sieun nyasab sagala." "Muhun kanggo Bapa anu tos lami di Bandung, ari abdi?" Enya ari kitu téana mah, pamajikan téh can lila di Bandungna, kakara dua bulan. Da tadina mah milu jeung kolotna, enya mitoha, di Cidaun. Salembur jeung kuring mah. Kakara dibawa ka Bandung sanggeus kuring bisa ngontrak imah nu rada pantes di Ujungberung, nu matak kaharti lamun aya kasieun nyasab di Bandung téh. Teu cukup ku dipapatahan ku dilelebah, ma'lum awéwé, katambah-tambah keumba deuih. "Engké deui wé atuh." "Muhun iraha? Abdi mah karunya ka Si Ujang ..." "Enya, Bapa ogé karunya ka Si Ujang. Tapi kumaha deui atuh? Bapa teu bisa nolak ka dunungan, jeung geus nyanggupan deuih." "Mun sakali-kali mah nolak, ulah kersa baé, da ieu mah sanés urusan dines." "Ari manéhna, rek unusan dines rék lain, ngaranna ogé paréntah dunungan. Bisa bae ayeuna Bapa nolak, tapi kumaha kéh lamun dipecat? Daék di dinya mun boga salaki teu boga gawé?" "Alim." "Nya. Nu matak sing sabar wé. Heueuh ngaranna ogé supir kantor, najan kantor gedé, angger wé supir. Tugasna kudu nyupiran dunungan, rék urusan dines rék lain. Kumaha atuh, da geus kitu umumna." "Abdi mah pedah karunya wé ka budak. Teu kabayang kedah kumaha ngabéjaanana." "Keun engké Bapa anu ngabéjaanana mah, ngan di dinya kudu bisa ngabangbalérkeunana wé isukan." *** Pasusubuh kuring geus indit ka imah dunungan di Dago. Datang téh geus ray-rayan. Tétéla sagalana geus siap, malah mobil ogé geus dipanasan ku dunungan. "Tah, geuning Udin, jam sabaraha ti Ujungberung?" dunungan awéwé nanya. "Tabuh lima." . "Sorangan baé? Ka mana ari budak? Teu dibawa?" "Henteu." "Karunya Udin, budak téh hayangeun ulin meureun sakali-kali mah." "Muhun éta ogé Ibu, da kawitna mah badé ka Kebon Binatang." "Tuh, komo kitu mah. Sok teu karunya-karunyaeun ka budak manéh mah. Matak naon mun bawa, keun wé tong mikiran itu-ieuna manéh mah." ' Kuring ukur bisa nyéréngéh. "Enya Udin, sugan Bapa ogé rék dibawa budak téh. Ongkoh cenah hayang ka Kebon Binatang, hayang nénjo sasatoan meureun, bet ka Taman Safari ogé sarua baé ari hayang nénjo sasatoan mah. Mani keukeuh kudu ka Kebon Binatang baé," ceuk dunungan lalaki mairan. Kuring angger ukur nyéréngéh. Enya, kumaha deui atuh? Da kamari mah taya nu nyarita "henteu nanaon mun Si Ujang dibawa ogé". Kaasup dunungan lalaki, padahal nyahoeun yén poé ieu téh kuring boga rencana mawa Si Ujang ka Kebon Binatang. Enya, hayang nénjo sasatoan. Atawa kuringna baé kitu anu keumba, teu wani nyarita perkara Si Ujang papanjangan? Malah bisa jadi, mun nilik ka nu inditna mah, dunungan ogé moal nanaon upama kuring ngajak Si Ujang sakalian jeung indungna. Da geuning anu indit téh lain ngan dunungan jeung incu-incuna wungkul. Mang Engkos, pangebon, jeung Si Iting, purah masak ogé milu. Puguh pikeun kuring mah matak hanjelu. Leuh, kacipta lamun Si Ujang jeung indungna milu, mangka ceuk dunungan awéwé ogé tadi, teu kudu mikir nanaon deui cenah. Hartina, sagala rupana ditanggung ku dunungan. Sampeur baé kitu ka Ujungberung? Éra. Leuh, lamun seug imah téh aya di jajalaneun ka Taman Safari. Indit ti Bandung pukul genep, bari salsé ngajalankeun mobil téh, jam salapan geus nepi ka Taman Safari. Terus nanjak ka pasir tempat sasatoan. Bédana jeung di Kebon Binatang, di dieu mah jelema anu dikurungan dina mobil, sato anu bébas leuleumpangan. Nénjo incu-incu dunungan anu ramé, suka-bungah nénjo sasatoan, ras ka Si Ujang. Haté téh maké norowéco sorangan, nurutan dunungan. Tah, éta lama ngaranna, sapertos domba tapi beuheungna panjang. Itu kuda nil. Tuh, itu gajah. Tah, éta mah badak. Sanés Ujang, sanés kuda, tapi sébra. Muhun kuda sébra. Buluna belang sapertos simbut Ujang. Euleuh, itu aya uncal. Kadé Ujang, ulah nolol dina jandéla, nya? Sakedap deui ka tempat maung sareng singa. Tuh, geuning aya maungna, coréléng, sararé dina papanggungan. Itu singa. Keur sararé wayah kieu mah. Lamun seug manéh milu, Ujang! Réngsé ti pasir tempat liarna sasatoan, tétéla nanjak ogé, terus mudun ka tempat meta gajah. Incu-incu dunungan dipoto gigireun rnaung. Lah, ari ukur kitu mah kétang, Si Ujang oge wanieun. Kawantu maung geus lindeuk tur aya pawangna. Ti dinya, lalajo orang utan, lalajo atraksi heulang jeung singa laut. Lamun seug manéh milu, Ujang! *** Nyugemakeun piknik téh. Sanajan pikeun kuring mah kalah beuki ngagedéan kahanjelu. Hanjakal, teu mawa Si Ujang. Padahal lamun dibawa jeung indungna ogé, moal nanaon dunungan téh. Enya, moal nanaon. Ka pamajikan kuring bisa nyaritakeun saujratna. Tapi ka Si Ujang? Taya deui cara iwal ti kudu mawa ka Kebon Binatang. Itung-¬itung pikeun ngubaran kahanjelu kuring ayeuna, taya deui waktu nu mustari, iwal ti isukan. Enya, isukan, poé Senén. Kuring rék lahlahan bébéja ka dunungan yén isukan moal digawé. Kumaha bébéjana? Lah, bébéja baé hayang mawa Si Ujang ka Kebon Binatang. Piraku teu diijinan, karunya ka Si Ujang, hayang nénjo sasatoan. Hayang nénjo singa, gajah, maung, uncal, jeung monyét. Sanggeus rinéh, kuring amitan ka dunungan. "Pa, abdi badé wangsul." "Heueuh, jung wé rék balik mah. Nuhun nya, Din." Kuring unggeuk. "Eu, sareng ieu, Pa." "Aya naon deui?" "Abdi téh énjing moal tiasa didamel." "Naha?" "Aya kaperyogian." "Kaperyogian naon?" "Muhun éta, eu ... badé ngajak Si Ujang ka Kebon Binatang.” "Ka Kebon Binatang?" "Muhun." "Lah, engké deui wé atuh ka Kebon Binatang mah. Apan isukan mah poé kantor. Lamun euweuh Udin, saha engké nu mawa mobil? Apan kudu ka Ciwidéy isukan téh."

Indonesia

Kisah Pondok Uing Cerita pendek tentang massa puing dan penulis lain Kamis, 24 Juli 2008 TAMU INGIN PERGI KE KEBUN BINATANG "Din, besok kamu tidak datang?" "Apa yang akan kamu lakukan, Ayah?" “Kami pergi ke Taman Safari. Anak-anak bilang ingin bermain di Taman Safari.” "Oh, ada apa. Sebenarnya besok aku juga akan ke Kebun Binatang bersama anak-anakku." "Kemana kamu pergi?" "Oke ke Kebun Binatang." "Begini, nanti aku bisa pergi ke kebun binatang dan kembali lagi ke sini," kata sang pemilik. "Dan lagi, ini saatnya ayahmu. Minggu depan dia ada pertemuan rutin di Jakarta. Minggu depan anak-anak sudah kembali, sekolah kembali. Bagaimana, Din?" Kalau begitu, tidak ada pilihan lain bagiku, kecuali mengatakan “tolong”. Karena yang namanya permintaan majikan, bagi orang teladan saya, nilainya sama dengan perintah. “Tidak, terima kasih, aku bisa melakukannya,” kata sang pemilik, lalu masuk ke dalam rumah, meninggalkan aku yang terus duduk dan menghela nafas di kursi pijat sebelah garasi. Berlomba dengan Si Ujang, anak semata wayangnya sendiri. Hampir setiap saat merengek dan ingin pergi ke Kebun Binatang. Sang istri bercerita, Jang Iman, anak tetangganya, dibawa ke Kebun Binatang oleh ayahnya pada Minggu lalu. Ia terus merenungkan pengalamannya selama berada di Kebun Binatang.Sebenarnya Si Ujang adalah kabita. Da mani Jigrah ketika dia berjanji akan membawanya ke Kebun Binatang pada hari Minggu. Sang istri berkata, dia tidak iri jika diberitahu kepada semua orang bahwa, “Ujang akan pergi ke Kebun Binatang dan Apa Ujang.” Istriku masih berkata, Si Ujang sering bertanya di hari Minggu. “Minggunya kapan Bu?” Ketang, tadi pagi dia menanyakan pertanyaan itu kepadaku, “Ayah, besok hari Minggu?” Ya, besok adalah hari Minggu. Seharusnya aku memenuhi permintaan Si Jang yang ingin pergi ke Kebun Binatang; ingin melihat gajah, singa, harimau, rusa, dan monyet. Isi Kebun Binatang hanya sebatas itu, dan hanya sebatas itu yang perlu diingat. Hal itu terjadi kemudian di kebun binatang, menanyakan hewan-hewan tersebut, siapa yang mungkin saja sedang memata-matainya. Seorang anak laki-laki berusia lima tahun sedang berjalan di jalan. “Pak Udin, apakah besok Anda akan pergi ke Taman Safari?” kata Neng Wida, cucu majikan. Aku mengangguk. “Asiik…,” sapa anak laki-laki itu sambil masuk ke dalam rumah. Cucu majikan Torojol lainnya, bertiga, menanyakan hal serupa. Saya mengangguk lagi. Terlihat bahagia. “Yang penting jangan sampai lupa Din, besok pagi kita berangkat dari sini, supaya kita bisa tetap di sana,” kata majikan perempuan itu.“Periksa dulu mobilnya, bawa ke bengkel. Sekarang masuk, nanti sore bawa lagi,” kata majikan pria tersebut. saya jamin “Jika ada yang perlu diubah, ubahlah, masukkan ke dalam voucher kantor.” Pulang sore hari. "Selamat malam?" sang istri bertanya. “Ke bengkel dulu, urus mobilnya,” kataku sambil merogoh sakuku, mengeluarkan uang gaji seratus seribu perak setelah dipotong-potong, gaji supir. Diterima sang istri, terlihat penampilannya yang ramah. “Lima puluh ribu cukup untuk Kebun Binatang,” katanya. “Ongkos pulang pergi lima ribu, tiket dua ribu, makan cewek di sana tak sampai seribu. Cukup. Sisanya bayar bus ke Ceu Euis, lalu bayar RT. Ah , gaji bulan ini saya baru bayar, Pa,” kata sang istri lagi, tidak peduli. “Dia juga tidak akan pergi ke Kebun Binatang,” kataku jujur. "Mengapa?" Istri saya berlutut, menatap wajah saya. "Aku harus mengantar ayahku ke Taman Safari." "Kemana kamu pergi?" "Ke Taman Safari." "Mau ke Taman Safari apa?" “Bicara dengan Eneng-eneng dan Encép-encep biasa saja, cicit Juragan itu pendiam.” Sang istri menghela nafas. Selama ini, dia diam, dia juga sama sedihnya.“Padahal kita bilang, ayo kita pekerjakan Si Ujang,” kata sang istri seolah mengeluh. Saya merasa gugup. Iya betul, kenapa saya tidak mengundang Si Ujang? Sebenarnya, baik ke Taman Safari maupun ke Kebun Binatang, sama saja: Saya ingin melihat binatang. Ataukah Si Ujang itu anak sopirnya? Humayua, anak supir ingin ikut olahraga bersama cucu majikannya. Ataukah saya yang tidak menyarankan untuk membawa Si Ujang? Ah, aku tidak bisa membayangkan ditolak. Saya tidak bisa berbahasa Inggris. Ini semakin buruk. Disuruh ke istri, istri tinggal peluk saja. “Ya mau bagaimana lagi, kasihan Si Ujang kalau besok tidak terjadi,” ujarnya. "Besok aku ke sana, minta diantar ke orang lain." “Yah, aku harus pergi ke siapa? Kupikir aku harus pergi, dan aku takut salah.” “Kebanyakan juga orang Bandung, pakai dan takut disesatkan semuanya.” “Enak buat bapakku yang sudah lama di Bandung ya?” Betul, istri saya sudah lama tidak ke bandung, baru dua bulan. Dulu saya ikut bersama orang tua saya ya ibu mertua saya di Cidaun. Salembur dan aku. Saya baru diboyong ke Bandung setelah bisa mengontrak rumah yang cukup layak di Ujungberung, wajar jika ada rasa takut tersesat di Bandung.Disengat lebah saja tidak cukup, para wanita tahu, dan masih banyak lagi. "Sampai jumpa." "Nah, kapan? Aku kasihan pada Si Jang..." "Iya, Ayah juga turut kasihan pada Si Ujang. Tapi apa lagi yang bisa aku lakukan? Ayah tidak bisa menolak majikan, dan dia sudah menerimanya." “Kalau saya menolak sekali saja, jangan lakukan, itu bukan urusan pelayanan.” “Katanya mau kerja di jasa lain, namanya juga atas perintah majikan. Bisa saja sekarang bapaknya menolak, tapi bagaimana kalau dipecat? tidak punya pekerjaan?" "Saleh." "Iya. Sabar ya. Enggak, namanya juga supir kantoran, walaupun kantornya besar, tapi tetap saja supirnya. Tugasmu mengantar majikanmu, kalau mau urus jasanya, kamu Saya akan ingin melakukan sesuatu yang lain. Bagaimana saya bisa melakukannya, begitulah secara umum." "Aku kasihan pada anak itu. Aku tidak tahu bagaimana cara memberitahunya." "Jika ayahku memberitahuku nanti, barulah aku bisa menjelaskannya besok." *** Pagi harinya, saya berangkat ke rumah majikan saya di Dago. Para pengunjung sudah senang. Ternyata semuanya sudah siap, bahkan mobil sudah dipanaskan oleh majikan. “Nah Udin, jam berapa dari Ujungberung?” tanya majikan perempuan itu. "Ini jam lima." . "Sendirian? Kemana perginya anak itu?Tidak membawanya?" "Bukan." “Kasihan Udin, anak itu ingin bermain mungkin sesekali.” "Nah itu juga Bu, aku ke Kebun Binatang dulu." "Yah, meski begitu. Aku tidak kasihan pada anakmu. Tidak peduli apa yang kamu bawa, kamu tidak memikirkannya." ' Aku hanya bisa tersenyum. “Iya Udin, mungkin Ayah juga mau mengajak anak itu. Kata Onkoh dia mau ke kebun binatang, mungkin dia ingin melihat binatang-binatang itu, tapi dia juga ingin melihat binatang-binatang itu di Taman Safari. pergi ke kebun binatang," kata majikan pria itu. . Saya selalu hanya tersenyum. Ya, apa lagi? Kemarin tidak ada yang bilang “tidak apa-apa kalau Si Ujang dibawa juga”. Termasuk bos laki-lakinya, padahal dia tahu kalau hari ini aku punya rencana membawa Si Jang ke Kebun Binatang. Ya, saya ingin memata-matai binatang. Ataukah saya yang bodoh, tidak berani membicarakan Si Ujang panpanjangan? Malah boleh jadi kalau saya lihat yang berangkat, majikan tidak akan berkeberatan kalau saya ajak Si Ujang bareng ibunya. Yang berangkat bukan hanya majikan dan cucunya saja. Mang Engkos, tukang kebun, dan Si Iting, juru masak, juga ikut serta. Kemalasan bagi saya membuat saya sedih.Leuh, terciptalah kalau Si Ujang dan ibunya ikut, lalu majikan perempuan itu juga bilang tadi, tidak perlu memikirkan hal lain, katanya. Artinya, semuanya ditanggung oleh pemberi kerja. Apakah dia pergi ke Ujungberung? Memalukan. Leuh, kalau rumahnya di jalan menuju Taman Safari. Saya berangkat dari Bandung jam enam sore, dalam perjalanan saya mengendarai mobil, saya sampai di Taman Safari jam sembilan. Kemudian naik ke bukit tempat binatang-binatang itu berada. Beda dengan Zoo, di sini orang dikurung di dalam mobil, hewan bebas berkeliaran. Mengintip cucu tuan rumah, senang memata-matai binatang, berlomba menuju Si Ujang. Hati menggunakan norowéco sendiri, mengikuti majikan. Ya, namanya panjang, mirip domba tapi lehernya panjang. Itu kuda nil. Itu gajah. Ya, itu bukan badak. Bukan tamu, bukan kuda, tapi zebra. Ya, zebra. Bulunya bergaris-garis seperti selimut. Wow, itu rusa besar. Yang penting ngajak, jangan ngeliat ke jendela ya? Sebentar lagi kembali ke tempat harimau dan singa. Ya, ada seekor singa, seekor singa, seekor singa di atas panggung. Itu singa. Saya sedang tidur saat ini. Jika Anda ingin berpartisipasi, undanglah! Selesai dari bukit tempat binatang-binatang liar itu ternyata mendaki dengan baik, lalu turun ke tempat gajah-gajah itu. Cucu pemilik difoto di samping shelter.Yah, cuma borgol saja, Si Ujang juga berani. Kawantu maung sudah dijinakkan dan sudah ada pawangnya. Dari sana menyaksikan orangutan, menyaksikan atraksi elang dan singa laut. Jika Anda ingin berpartisipasi, undanglah! *** Nikmati pikniknya. Meski bagiku, kekalahan membuatku sedih. Sayangnya dia tidak membawa Si Ujang. Padahal kalau dia ikut ibunya juga, majikannya tidak akan berbuat apa-apa. Ya, tidak ada apa-apa. Kepada istriku, aku bisa mengatakan yang sejujurnya. Tapi pada Si Unjang? Tidak ada cara lain selain membawanya ke Kebun Binatang. Berhitung-hitung untuk mengobati kesedihanku saat ini, tak ada waktu lagi untuk menunggu, kecuali besok. Ya, besok, Senin. Saya ingin memberi tahu majikan saya bahwa saya tidak akan bekerja besok. Bagaimana cara mengetahuinya? Nah, katanya dia ingin membawa Si Ujang ke Kebun Binatang. Piraku tidak boleh, kasihan Si Ujang, aku ingin memata-matai binatang. Ingin melihat singa, gajah, harimau, rusa, dan monyet. Setelah itu, saya pergi ke majikan. "Ayah, aku akan kembali." "Tidak, aku mau kembali. Terima kasih, Din." Aku mengangguk. "Eh, dan yang ini, Ayah." "Apalagi yang ada disana?" "Saya tidak akan bisa bekerja besok." "Mengapa?" “Ada kebutuhan.” "Apa yang kamu butuhkan?" "Yah, itu dia, eh…akan membawa Si Jang ke Kebun Binatang." "Ke kebun binatang?" "Oke." "Begini, nanti aku ke Kebun Binatang. Tapi besok hari kantor. Kalau Udin tidak ada, siapa yang akan membawa mobil? Tapi besok aku harus ke Ciwidéy."

TerjemahanSunda.com | Bagaimana cara menggunakan terjemahan teks Sunda-Indonesia?

Semua terjemahan yang dibuat di dalam TerjemahanSunda.com disimpan ke dalam database. Data-data yang telah direkam di dalam database akan diposting di situs web secara terbuka dan anonim. Oleh sebab itu, kami mengingatkan Anda untuk tidak memasukkan informasi dan data pribadi ke dalam system translasi terjemahansunda.com. anda dapat menemukan Konten yang berupa bahasa gaul, kata-kata tidak senonoh, hal-hal berbau seks, dan hal serupa lainnya di dalam system translasi yang disebabkan oleh riwayat translasi dari pengguna lainnya. Dikarenakan hasil terjemahan yang dibuat oleh system translasi terjemahansunda.com bisa jadi tidak sesuai pada beberapa orang dari segala usia dan pandangan Kami menyarankan agar Anda tidak menggunakan situs web kami dalam situasi yang tidak nyaman. Jika pada saat anda melakukan penerjemahan Anda menemukan isi terjemahan Anda termasuk kedalam hak cipta, atau bersifat penghinaan, maupun sesuatu yang bersifat serupa, Anda dapat menghubungi kami di →"Kontak"


Kebijakan Privasi

Vendor pihak ketiga, termasuk Google, menggunakan cookie untuk menayangkan iklan berdasarkan kunjungan sebelumnya yang dilakukan pengguna ke situs web Anda atau situs web lain. Penggunaan cookie iklan oleh Google memungkinkan Google dan mitranya untuk menayangkan iklan kepada pengguna Anda berdasarkan kunjungan mereka ke situs Anda dan/atau situs lain di Internet. Pengguna dapat menyisih dari iklan hasil personalisasi dengan mengunjungi Setelan Iklan. (Atau, Anda dapat mengarahkan pengguna untuk menyisih dari penggunaan cookie vendor pihak ketiga untuk iklan hasil personalisasi dengan mengunjungi www.aboutads.info.)