Sunda

Assalamu’alaikum wr.wb. Alhamdulillahirobbil’alamin. Washolatu wassalamu ‘ala asrofil anbiyai wal mursalin, Allahumasali Muhammad wa’alla alihi washobihi ajma’in. Wiwitan puji kagungan Illahi Robbi, sadaya puja mung kagungan Allah. Alhamdulillah dina danget ieu urang sadaya dipaparin kaséhatan lahir sinareng batin, ogé kakiatan kanggo tiasa kempel ngariung di ieu patempatan, dina raraga ngaluuhan acara paturay tineung sareng pangjurung du’a kanggo para siswa anu parantos lulus ti ieu sakola. Salam sinareng solawat muga netes ka Nabi Muhammad saw, natrat ka para karabat, para ahli sareng sahabat. Hadirin nu dipihormat, dina danget ieu mangrupi dinten anu kebek ku kabingah sareng kabagjaan kanggo urang sadaya, kabingah Bapa Ibu Guru kalih sepuh-sepuh para siswa, réhing putra-putri urang parantos réngsé diajar, salami tilu taun, nyukcruk élmu pangaweruh sareng katiasa di ieu sakola. Kalintang wajarna upami urang sadaya ngucapkeun Alhamdulillah. Salami tilu taun para siswa diatik sareng diaping ku Ibu kalih Bapa Guru, dipaparinan élmu sareng katiasa keur pibekeleun maranehna jaga dina mangsa nu bakal datang. Waktos tilu taun diajar di sakola mung saukur janten rawayan tina panjangna lalakon hirup anu kedah disorang. Mugi-mugi baé sadaya élmu nu parantos dipaparinkeun ku Ibu sareng Bapa guru sing janten lawang pamuka keur para siswa kanggo nyangking paélmuan saterasna. Panghudang sareng pangjurung ti Ibu Rama anu janten sepuhna kalintang diperyogikeunana, malih eta saéstuna nu langkung utami, nu langkung anteb tapak guratna, nyaéta didikan ti ibu sareng ramana. Ka sadaya para siswa anu badé ngantunkeun ieu sakola, Bapa mung tiasa ngajurung ku du’a, mugi-mugi hidep sadaya sing tiasa neraskeun sakola. Sing langkung suhud sareng junun dina diajar, sing langkung motékar, sabab élmu téh kasaktén diri. Elmu tungtut dunya siar, sing pinter ngaraksa diri. Hidep sadaya sing jucung sing nanjung, tapi poma masing inget dina réngkak jeung paripolah, boh di sakola boh di lingkungan masyarakat, pamugi masing tarapti, kedah adab ka sasama, hadé budi someah reujeung daréhdéh. Rengkuh ajrih ka saluhureun, héman nyaah ka sasama, béar bageur ka sahandapeun. Mun hayang jadi jalma nu dihormat diajénan ku nu lian, anu disebutkeun tadi mugi sing jadi papagon hirup. Insya Allah. Pamungkas, bapa mung saukur ngiring ngajurung, mugi-mugi naon anu dipiharep jeung dicita-cita sing laksana tinekanan. Teu hilap, kalayan asmana Ibu kalih Bapa guru sadayana. Bapa nyuhunkeun dihapunten tangtu aya kalepatan. Paribasa clik putih clak hérang, caang bulan opat welas, urang lubarkeun samudaya kaluluputan. Sakitu nu kapihatur. Bobo sapanon carang sapakan, bahé carekna langkung saurna, neda sihapunten. Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalu’alaikum wr.wb

Indonesia

Assalamu'alaikum wr.wb. Alhamdulillahirrobbil'alamin. Washolatu wassalamu 'ala asrofil anbiyai wal mursalin, Allahumasali Muhammad wa'alla alihi washobihi ajma'in. Awal mula pujian adalah milik Illahi Robbi, segala puji hanya milik Allah. Alhamdulillah, pada hari ini kita semua diberkahi kesehatan, dan kekuatan untuk bisa berkumpul di tempat ini, dalam rangka melaksanakan salat dan adzan bagi para siswa yang telah lulus dari sekolah ini. Shalawat dan salam semoga tercurah kepada Nabi Muhammad SAW, shalawat dan salam semoga tercurah kepada kerabat, ahli, dan sahabatnya. Hadirin yang saya hormati, hari ini adalah hari yang penuh suka cita dan kebahagiaan bagi kita semua, keceriaan bapak, ibu, guru, orang tua, siswa, putra putri kita telah selesai menimba ilmu, selama tiga tahun, tracking ilmu dan ilmu di sekolah ini. Sangat wajar jika kita semua mengucapkan Alhamdulillah. Selama tiga tahun, para siswa di didik dan dibimbing oleh ibu dan bapak guru, mereka diberikan ilmu dan keterampilan untuk mempersiapkan mereka menghadapi masa depan. Tiga tahun belajar di sekolah hanyalah bagian dari perjalanan panjang hidup yang harus dijalani sendiri.Semoga segala ilmu yang telah diberikan oleh bapak ibu guru menjadi pintu gerbang bagi para santri untuk membawa ilmu selanjutnya. Kebangkitan dan semangat Ibu Rama yang sudah lanjut usia sangat dibutuhkan, namun sesungguhnya yang paling penting, yang lebih penting, adalah pendidikan dari ibu dan ayahnya. Untuk semua siswa yang akan meninggalkan sekolah ini, Ayah hanya bisa menyemangati mereka dengan do'a, semoga semua yang bisa melanjutkan sekolah akan hidup. Semakin rajin dan sukses dalam belajar, semakin percaya diri, karena sains sudah terbukti dengan sendirinya. Sains menuntut siaran dunia, orang pintar melindungi diri mereka sendiri. Mari kita semua saling berbuat baik satu sama lain, namun ingatlah masing-masing dalam tindakan dan perilakunya, baik di sekolah maupun di masyarakat, setiap orang harus sopan, memiliki sopan santun satu sama lain, dan bersikap baik satu sama lain. Berbuat baiklah kepada orang lain, berbuat baiklah kepada orang lain. Jika ingin menjadi orang yang disegani dan dihormati oleh orang lain, apa yang telah disebutkan tadi harus menjadi standar hidup. Insya Allah. Pada akhirnya, sang ayah hanya mengikuti dan menyemangati, berharap apa yang dia harapkan dan impikan akan ditegaskan. Jangan lupa, dengan nama Ibu dan Ayah, semua guru. Ayah minta maaf, pasti ada kesalahan.Mengatakan klik putih clak glisten, empat belas bulan cerah, kami melepaskan semua rasa bersalah. Itulah yang terjadi. Bobo tidak peduli seberapa keras dia, dia akan mengatakan lebih banyak, memohon pengampunan. Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalamu'alaikum wr.wb

TerjemahanSunda.com | Bagaimana cara menggunakan terjemahan teks Sunda-Indonesia?

Semua terjemahan yang dibuat di dalam TerjemahanSunda.com disimpan ke dalam database. Data-data yang telah direkam di dalam database akan diposting di situs web secara terbuka dan anonim. Oleh sebab itu, kami mengingatkan Anda untuk tidak memasukkan informasi dan data pribadi ke dalam system translasi terjemahansunda.com. anda dapat menemukan Konten yang berupa bahasa gaul, kata-kata tidak senonoh, hal-hal berbau seks, dan hal serupa lainnya di dalam system translasi yang disebabkan oleh riwayat translasi dari pengguna lainnya. Dikarenakan hasil terjemahan yang dibuat oleh system translasi terjemahansunda.com bisa jadi tidak sesuai pada beberapa orang dari segala usia dan pandangan Kami menyarankan agar Anda tidak menggunakan situs web kami dalam situasi yang tidak nyaman. Jika pada saat anda melakukan penerjemahan Anda menemukan isi terjemahan Anda termasuk kedalam hak cipta, atau bersifat penghinaan, maupun sesuatu yang bersifat serupa, Anda dapat menghubungi kami di →"Kontak"


Kebijakan Privasi

Vendor pihak ketiga, termasuk Google, menggunakan cookie untuk menayangkan iklan berdasarkan kunjungan sebelumnya yang dilakukan pengguna ke situs web Anda atau situs web lain. Penggunaan cookie iklan oleh Google memungkinkan Google dan mitranya untuk menayangkan iklan kepada pengguna Anda berdasarkan kunjungan mereka ke situs Anda dan/atau situs lain di Internet. Pengguna dapat menyisih dari iklan hasil personalisasi dengan mengunjungi Setelan Iklan. (Atau, Anda dapat mengarahkan pengguna untuk menyisih dari penggunaan cookie vendor pihak ketiga untuk iklan hasil personalisasi dengan mengunjungi www.aboutads.info.)