Kacaturkeun di Karajaan Galuh. Anu ngaheuyeuk dayeuh waktu harita téh nya éta Prabu Barma Wijaya kusumah. Anjeunna boga permaisuri dua. Nu kahiji Déwi Naganingrum, ari nu kadua Déwi Pangrenyep. Harita duanana keur kakandungan. Barang nepi kana waktuna, Déwi Pangrenyep ngalahirkeun. Budakna lalaki kasép jeung mulus, dingaranan Hariang Banga. Tilu bulan ti harita, Déwi Naganingrum ogé ngalahirkeun, diparajian ku Déwi Pangrenyep. Orokna lalaki deuih. Tapi ku Déwi Pangrenyep diganti ku anak anjing, nepi ka saolah-olah Déwi Naganingrum téh ngalahirkeun anak anjing. Ari orok nu saéstuna diasupkeun kana kandaga dibarengan ku endog hayam sahiji, terus dipalidkeun ka walungan Citanduy. Mireungeuh kaayaan kitu, Sang Prabu kacida ambekna ka Déwi Naganingrum. Terus nitah Ki Léngsér supaya maéhan Déwi Naganingrum, lantaran dianggap geus ngawiwirang raja pédah ngalahirkeun anak anjing. Déwi Naganingrum dibawa ku Léngsér, tapi henteu dipaéhan. Ku Léngsér disélongkeun ka leuweung anu jauh ti dayeuh Galuh. Ari kandaga anu dipalidkeun téa, nyangsang dina badodon tataheunan lauk Aki jeung Nini Balangantrang. Barang Aki jeung Nini Balangantrang néang tataheunanana kacida bungahna meunang kandaga téh. Leuwih-leuwih sanggeus nyaho yén di jerona aya orok alaki anu mulus tur kasép. Gancangna budak téh dirawu dipangku, dibawa ka lemburna nya éta Lembur Geger Sunten, sarta diaku anak. Kocapkeun budak téh geus gedé. Tapi masih kénéh can dingaranan. Hiji poé budak téh milu ka leuweung jeung Aki Balangantrang. Nénjo manuk nu alus rupana, nanyakeun ka Aki Balangantrang ngaranna éta manuk. Dijawab ku Aki éta téh ngaranna manuk ciung. Tuluy nénjo monyét. Nanyakeun deui ngaranna. Dijawab deui ku Si Aki, éta téh ngaranna wanara. Budak téh resepeun kana éta ngaran, tuluy baé ménta supaya manéhna dingaranan Ciung Wanara. Aki jeung Nini Balangantrang satuju. Ayeuna Ciung Wanara geus jadi pamuda anu kasép sarta gagah pilih tanding. Ari endogna téa, disileungleuman ku Nagawiru ti Gunung Padang, nepi ka megarna. Ayeuna geus jadi hayam jago anu alus tur pikalucueun. Dina hiji poé, Ciung Wanara amitan ka Aki jeung Nini Balangantrang, sabab rék nepungan raja di Galuh. Inditna bari ngélék hayam jago téa. Barang nepi ka alun-alun amprok jeung Patih Purawesi katut Patih Puragading. Nénjo Ciung Wanara mawa hayam jago, éta dua patih ngajak ngadu hayam. Ku Ciung Wanara dilayanan. Pruk baé hayam téh diadukeun. Hayam patih éléh nepi ka paéhna. Patih dua ngambek, barang rék ngarontok, Ciung Wanara ngaleungit. Dua patih buru-buru laporan ka raja. Ari Ciung Wanara papanggih jeung Léngsér. Terus milu ka karaton. Nepi ka karaton, Ciung Wanara ngajak ngadu hayam ka raja. Duanana maké tandon. Lamun hayam Ciung Wanara éléh, tandonna nyawa Ciung Wanara. Sabalikna lamun hayam raja nu éléh, tandonna nagara sabeulah, sarta Ciung Wanara baris dijenengkeun raja tur diaku anak. Gapruk baé atuh hayam téh diadukeun. Lila-lila hayam Ciung Wanara téh kadéséh, terus kapaéhan. Ku Ciung Wanara dibawa ka sisi Cibarani, dimandian nepi ka élingna. Gapruk diadukeun deui. Keur kitu datang Nagawiru ti Gunung Padang, nyurup kana hayam Ciung Wanara. Sanggeus kasurupan Nagawiru, hayam Ciung Wanara unggul. Hayam raja éléh nepi ka paéhna. Luyu jeung jangjina Ciung Wanara dibéré nagara sabeulah, beulah kulon. Dijenengkeun raja sarta diaku anak ku Prabu Barma Wijaya Kusumah. Ari nagara anu sabeulah deui, beulah wétan dibikeun ka Hariang Banga. Ku kabinékasan Ki Léngsér, Ciung Wanara bisa patepung deui jeung indungna nya éta Déwi Naganingrum. Lila-lila réka perdaya Déwi Pangrenyep téh kanyahoan ku Ciung Wanara. Saterusna atuh Déwi Pangrenyep téh ditangkep sarta dipanjarakeun dina panjara beusi. Hariang Banga kacida ambekna basa nyahoeun yén indungna geus dipanjara ku Ciung Wanara. Der atuh tarung. Taya nu éléh sabab sarua saktina. Tapi lila-lila mah Hariang Banga téh kadéséh ku Ciung Wanara. Hariang Banga dibalangkeun ka wétaneun Cipamali. Tah, harita kaayaan Galuh jadi dua bagian téh. Kuloneun Cipamali dicangking ku Ciung Wanara. Ari wétaneunana dicangking ku Hariang Banga.
Dikenal di Kerajaan Galuh. Yang memimpin kota saat itu adalah Prabu Barma Wijaya Kusumah. Dia memiliki dua permaisuri. Yang pertama adalah Dewi Naganingrum, dan yang kedua adalah Dewi Pangrenyep. Harita keduanya sedang hamil. Ketika saatnya tiba, Dewi Pangrenyep melahirkan. Anak laki-laki itu tampan dan mulus, bernama Hariang Banga. Tiga bulan kemudian, Dewi Naganingrum pun melahirkan, diberkati oleh Dewi Pangrenyep. Bayinya laki-laki lagi. Namun Dewi Pangrenyep digantikan oleh seekor anak anjing, hingga Dewi Naganingrum seolah-olah melahirkan seekor anak anjing. Bayi aslinya dimasukkan ke dalam sangkar bersama sebutir telur ayam, lalu dibuang ke sungai Citanduy. Mendengar keadaan tersebut, Raja sangat marah kepada Dewi Naganingrum. Kemudian ia memerintahkan Ki Lengsér untuk membunuh Dewi Naganingrum, karena dianggap telah menipu raja agar melahirkan anak anjing. Dewi Naganingrum dibawa oleh Lengsér, namun tidak dibunuh. Oleh Lengsér ia dikirim ke hutan yang jauh dari kota Galuh. Pada hari kelahirannya, ditunda di peternakan ikan Aki dan Nini Balangantrang. Aki dan Nini Balangantrang sedang mencari tanamannya dan sangat senang mendapatkan kandaga tersebut. Apalagi setelah mengetahui ada bayi laki-laki mulus dan tampan di dalamnya.Begitu anak laki-laki itu digendong, dia dibawa ke rumahnya yaitu Lembur Geger Sunten, dan dia dikenali sebagai seorang anak. Katakanlah anak itu besar. Namun masih belum diberi nama. Suatu hari anak laki-laki itu pergi ke hutan bersama Aki Balangantrang. Melihat seekor burung yang cantik, ia menanyakan kepada Aki Balangantrang nama burung tersebut. Aki menjawab kalau itu namanya burung. Lalu mata-matai monyet itu. Tanyakan lagi namanya. Jawab Si Aki lagi, namanya wanara. Anak laki-laki itu menyukai nama itu, maka ia memintanya untuk diberi nama Ciung Wanara. Aki dan Nini Balangantrang menyetujuinya. Kini Ciung Wanara telah menjadi seorang pemuda tampan dan pemberani. Pada hari itu, telur tersebut dibenamkan oleh Nagawiru dari Gunung Padang, hingga ke danau. Sekarang sudah menjadi ayam jago yang baik dan lucu. Pada suatu hari, Ciung Wanara berpamitan kepada Aki dan Nini Balangantrang, karena mereka akan menemui raja di Galuh. Dia pergi sambil makan ayam jago. Barang-barang itu lari ke alun-alun bersama Patih Purawesi dan Patih Puragading. Nenjo Ciung Wanara membawa seekor ayam jago, kedua pangeran diajak adu ayam. Oleh Ciung Wanara disajikan. Ayam pruk bae dilombakan. Adipati Ayam kalah mati. Patih dua marah, barang mau jatuh, Ciung Wanara pun menghilang. Kedua pangeran itu bergegas melapor kepada raja.Ari Ciung Wanara bertemu dengan Lengser. Kemudian bergabunglah dengan istana. Sampai di istana, Ciung Wanara mengajak raja mengadu ayam. Keduanya memakai tandon. Jika ayam Ciung Wanara kalah, maka nyawa Ciung Wanara akan hilang. Sebaliknya jika ayam raja dikalahkan maka tandonna negara berikutnya, dan Ciung Wanara akan diangkat menjadi raja dan diakui sebagai seorang anak. Gapruk adalah ayam yang diadu. Lama-lama ayam Ciung Wanara dibiarkan begitu saja, lalu mati. Ciung Wanara membawanya ke sisi Cibarani, memandikannya hingga sadar. Gapruk kembali diperebutkan. Karena itulah Nagawiru datang dari Gunung Padang sambil menghisap ayam Ciung Wanara. Setelah dirasuki Nagawiru, ayam Ciung Wanara menang. Ayam raja dipukul sampai mati. Sesuai janjinya, Ciung Wanara diberikan negeri berikutnya, di sebelah barat. Ia diangkat menjadi raja dan diakui sewaktu kecil oleh Prabu Barma Wijaya Kusumah. Negara selanjutnya, bagian timur diberikan kepada Hariang Banga. Atas karunia Ki Lengsér, Ciung Wanara dapat bertemu kembali dengan ibunya, Dewi Naganingrum. Sejak lama, siasat Dewi Pangrenyep tidak diketahui Ciung Wanara. Kemudian Dewi Pangrenyep ditangkap dan dipenjarakan di penjara besi. Hariang Banga sangat marah ketika mengetahui ibunya telah dipenjarakan oleh Ciung Wanara. Ayo bertarung. Tidak ada yang kalah karena mereka setara.Namun lama-lama Hariang Banga diasuh oleh Ciung Wanara. Hariang Banga diutus ke sebelah timur Cipamali. Maka kemudian keadaan Galuh menjadi dua bagian. Cipamali sebelah barat diklaim oleh Ciung Wanara. Hari ini diklaim oleh Hariang Banga.
Semua terjemahan yang dibuat di dalam TerjemahanSunda.com disimpan ke dalam database. Data-data yang telah direkam di dalam database akan diposting di situs web secara terbuka dan anonim. Oleh sebab itu, kami mengingatkan Anda untuk tidak memasukkan informasi dan data pribadi ke dalam system translasi terjemahansunda.com. anda dapat menemukan Konten yang berupa bahasa gaul, kata-kata tidak senonoh, hal-hal berbau seks, dan hal serupa lainnya di dalam system translasi yang disebabkan oleh riwayat translasi dari pengguna lainnya. Dikarenakan hasil terjemahan yang dibuat oleh system translasi terjemahansunda.com bisa jadi tidak sesuai pada beberapa orang dari segala usia dan pandangan Kami menyarankan agar Anda tidak menggunakan situs web kami dalam situasi yang tidak nyaman. Jika pada saat anda melakukan penerjemahan Anda menemukan isi terjemahan Anda termasuk kedalam hak cipta, atau bersifat penghinaan, maupun sesuatu yang bersifat serupa, Anda dapat menghubungi kami di →"Kontak"
Vendor pihak ketiga, termasuk Google, menggunakan cookie untuk menayangkan iklan berdasarkan kunjungan sebelumnya yang dilakukan pengguna ke situs web Anda atau situs web lain. Penggunaan cookie iklan oleh Google memungkinkan Google dan mitranya untuk menayangkan iklan kepada pengguna Anda berdasarkan kunjungan mereka ke situs Anda dan/atau situs lain di Internet. Pengguna dapat menyisih dari iklan hasil personalisasi dengan mengunjungi Setelan Iklan. (Atau, Anda dapat mengarahkan pengguna untuk menyisih dari penggunaan cookie vendor pihak ketiga untuk iklan hasil personalisasi dengan mengunjungi www.aboutads.info.)